Halaman

    Social Items

Goong Renteng

Goong Renteng nyaeta salah sahiji jinis gamelan khas urang sunda nu geus dipikawanoh ti abad 16 nu kasebar di daerah Jawa Barat.
Artikel Sunda Goong Renteng
gambar dari sundatoelen.blogspot.com

Numutkeun Jakob Kunst, goong renteng ayana di Cileunyi jeung Cikebo (wilayah Tanjungsari, Sumedang), Lebakwangi (wilayah Pameungpeuk, Bandung), jeung Keraton Kanoman Cirebon. Goong renteng oge aya di daerah Cigugur (Kuningan), Talaga (Majalengka), Ciwaru (Sumedang), Mayung, Suranenggala, jeung Tegalan (Cirebon).

Bentuk Kasenian

                Istilah goong renteng nyaeta mangrupakeun gabungan tina kecap “goong” jeung “renteng”. Kecap “goong” mangrupakeun istilah sunda kuno anu hartina gamelan, sedenegkeun kecap “renteng” kaitanana jeung panempatan pencon-pencon kolenang (bonang) anu dijajrakeun, atawa ngarenteng. Jadi goong renteng ceuk bahasa mah nyaeta goong nu dijajarkeun.

Goong renteng ngabogaan dua laras; aya nu larasna salendro jeung aya oge anu larasna pelog. Alat-alat nu digunakeun dina goong renteng nyaeta kongkoang (pencon), cempres, paneteg (kendang), jeung goong. Kongkoang, cempres, jeung goong cara maenkeunna ditakol, sedengkeun paneteg carana ditepak. Dina ensambel, kongkoang jeung cempres ngabogaan pungsi keur mawakeun melodi, kendang keur mawakeun irama, jeung goong keur panutup lagu atawa siklus lagu.

Repertoar dina goong renteng umumna teu nambahan. Lagu-lagu dina Goong Renteng Embah Badong di Lebakwangi – Batukarut, Bandung; Goong Renteng Panggugah Manah di Sukamulya, Kuningan; jeung Goong Renteng Talagamanggung di Majalengka, lagu-laguna masih eta-eta keneh.

Ditinggali tina bentukna, goong renteng mirip jeung gamelan degung, tapi umur goong renteng kaitung leuwih kolot tibatan gamelan degung, jadi aya kamungkiman lamun gamelan teh ngarupakeun pamekaran tina goong renteng. Meurun kusabab umurna nu kawilang kolot, jaman kiwari goong renteng dianggap gamelan karamat, jadi diperlakukeun khusus ku adat (ritual; kapercayaan).

Artikel Sunda Goong Renteng

Pungsi Sosial

Pungsi goong renteng dina kabudayaan sunda sabenerna can pasti. Biasana goong renteng ditabeuh sanggeus dibersihan, saperti goong renteng Embah Badong nu ditabeuh nalika digunakeun keur ngameriahkeun acara muludan (poe lahirna Kanjeng Nabi Muhammad SAW) jeung acara ngibakan (ngamandian; ngabersihan) pusaka-pusaka tiap tanggal 12 Mulud. Ditabeuhna goong renteng ieu, sakaligus mangrupakeun bukti yen pusaka nu umurna geus ratusan taun masih bisa keneh nyora.

Baheula, goong renteng digunakeun pikeun ngameriahkeun pesta-pesta kanegaraan di kabupaten. Goong renteng Embah Badong ditabeuh dina acara Kongres Java Institut (17 Juni 1921) di Bandung. Ping 4 Juli 2001, gamelan pusaka ieu oge sok digunakeun keur ngaramekeun hajat sunatan. Goong renteng di daerah Indramayu biasana digunakeun sapoe saacan hajatan, nalika keur sararibuk nyiapkeun hajatan. Eta teh mangrupa tanda yen isukan teh acara puncakna hajatan. Lagu-laguna aya nu ngabogaan pungsi khusus, misalna lagu Wong Miang Ngangsu digunakeun nalika masarakat nyokot cai ka walungan atawa sumur, lagu Mususi Beras digunakeun nalika kaum awewe ngisikan beas, lagu Rimpang-rimpung digunakeun nalika ngayakeun hajat nu gede nepika meuncit munding. Dina hajatan biasana sok aya oge tarian kuda lumping nu dipirig ku goong renteng ieu. Dina upacara adat Ngunjung di astana Buyut Tambi, goong renteng Cinangnang ditabeuh keur nyambut tamu. Goong renteng Ciwaru lagu-laguna sering diibingan.

Goong renteng nepika ayeuna kurang populer. RRI, TVRI, jeung radio swasta can pernah usaha keur ngenalkeun jeung ngapopulerkeunnana. Kusabab kitu, goong renteng nu mangrupakeun gamelan khas sunda ayeuna ampir  teu dikenal ku urang sunda sorangan lamun henteu ku pengurus atawa urang kampung, tempat gamelanana aya.  

No comments